2006/02/13

Saha ari Urang Sunda ?

Meunang nyutat tina Roisz's Ramatloka

1. UPAMA DIRINA NGARASA JADI URANG SUNDA

Hiji jelema kakara boga rasa jadi urang Sunda, lamun inyana ngarasa yakin yen jiwana, hirup-huripna, lahir batinna, komo jeung turunan ti indung-bapana pituin urang Sunda. Pikeun miboga RASA jadi urang Sunda, nya kudu hirup di lingkungan anu NYUNDA (mibanda karakter Sunda), ngomong sapopoe basa Sunda, etika jeung etiket, budipekertina Nyunda, konsep hirupna (Visi jeung Misina) nangtung dina tatapakan Sunda. Jeung sauumur salawasna bajoang pikeun nanjeurkeun ajen inajen jeung perilaku anu Nyunda. Ngan anu sok dipikahariwang teh nyaeta lamun jadi Sunda anu heureut deuleu pondok lengkah, heureut ku sateukteuk, kurung batok. Nu kieu bakal jadi Sunda eklusif, tegesna bisa tigebrus kana etnosentris anu heureut, Jingoisme, Ubber Alls (ngarasa diri jadi seler bangsa anu pangunggulna).

Karuhun Sunda geus mapagahan yen ulah jadi SUNDA ANU SARUBAK JAMANG, tapi kudu
SUNDA ANU ANU SAAMPAR JAGAT
(Jamang=baju).

2. UPAMA KU BATUR DISEBUT YEN MANEHNA TEH URANG SUNDA
...

3. UPAMA INDUNG BAPANA PITUIN URANG SUNDA
...

4. UPAMA JELEMA ANU SANAJAN INDUNG BAPANA LAIN URANG SUNDA, TAPI TINGKAH LAKU, CARA MIKIR JEUNG HIRUP KUMBUH SAPOPOENA PERESIS SAPERTI URANG SUNDA
...

lengkepna didieu Saha ari Urang Sunda

Turunan Urang Sunda

Ti Bah Abbas Amin
Dina milis urangsunda at yahoogroups titik com

Turunan ka - Hiji - Anak
Turunan ka dua - Bapa
Turunan ka Tilu - Aki/Nini
Turunan ka Opat - Buyut
Turunan ka lima - Bao tanpa K ( hehehehe )
Turunan ka genep : Udeg Udeg
Turunan ka tujuh : Janggawareng
Turunan ka dalapan : kakait siwur

Tah nu disebut sumpah tujuh turunan teh nya eta sumpah ti kakait siwur nepi ka turunan ka Hiji !

"Aing ti semet ieu Cadu tujuh turunan moal nincak ka imah si Tongtolang Nangka ! "

Tah eta teh hartina Urang Warung Peuteuy asli moal daek nincak ka imahna si Tongtolang nangka, nepi ka Putus Tujuh turunan ! Upamana nu ngomong urang Warung Peuteuy ! Da pasti 7 turunan kitu mah salembur weee eta mah.