2006/12/16

Pindahan

Pamiarsa sadaya, pembaca blog setia, ngacapruk sudah pindah ke sinih ngacapruk.com

Okeh, .. setey cuuun lah.

2006/12/02

Ngawayuh

Ngawayuh itu istilah basa sunda untuk poligami, atau istilah lain nyandung. Ah gak bisa panjang lebar, cuma iseng posting di dua milis, milis gajah dan urangsunda, posting nya begini :

Jawab dengan jujur dan ikhlas

Laki-laki : Anda berniat poligami?
Jawab :
Alasan :

Perempuan : Anda rela jika suami poligami?
Jawab :
Alasan :

Nanti jawabannya saya blog kan juga. Anda mau jawab? silahkan komen.

Hatur nuhun.

2006/11/15

Tips Sehat

3 tip sehat :

1. Makan lah sewaktu lapar
2. Berhentilah makan sebelum kenyang
3. Makan lah makanan yang halal dan sehat

2006/09/28

Warga Sunda, Warga Dunia

Kompas Jawa Barat, rebo 27 september 2006
Oleh Hermawan Aksan

Siapa sebenarnya yang disebut orang Sunda? Pertanyaan ini kembali menggelitik setelah Acil Bimbo saparakanca sukses mengadakan acara Gempungan Urang Sunda di Gasibu, Senin 11 September, yang dihadiri ribuan warga Sunda dari berbagai kalangan.

Menurut Acil, Gempungan Urang Sunda merupakan bentuk kegelisahan Acil dan tokoh masyarakat Sunda lainnya terhadap eksistensi Sunda yang saat ini terpinggirkan. Tidak hanya di bidang politik, di hampir semua bidang, masyarakat Sunda seolah tak berdaya meski berada di urutan kedua etnis
terbesar di Indonesia.

Pada acara puncak, personel grup musik Bimbo ini pun berteriak lantang menyebutkan tiga poin deklarasi warga Sunda. Intinya, ikrar itu untuk membangun kebersamaan dalam menjaga Jawa Barat agar tetap kondusif.

Ada dua kata yang kerap dipertukarkan begitu saja-bukan hanya terdengar pada acara Gempungan Urang Sunda itu seakan-akan memiliki arti yang sama: Sunda dan Jawa Barat. Sebab, kenyataannya, tidak semua orang Jawa Barat adalah orang Sunda. Wong Cerbon dan Dermayu banyak yang tidak merasa diri mereka orang Sunda.

Sebaliknya pun begitu, tidak semua orang Sunda berada di Jawa Barat. Bukankah di wilayah Provinsi Banten berdiam banyak orang Sunda? Jangan lupa, di bagian barat Provinsi Jawa Tengah, di Kabupaten Brebes, dan Cilacap terdapat juga masyarakat yang sehari- harinya berbicara bahasa Sunda, memelihara bermacam seni Sunda (wayang golek, calung, jaipongan, dan lain-lain), dan merasa diri mereka adalah orang Sunda. Kerajaan Sunda

Sunda sebagai sebuah etnis boleh jadi sudah ada sejak zaman prasejarah. Berdasarkan data dan penelitian arkeologis, wilayah (yang sekarang disebut) Jawa Barat (dan Banten) telah dihuni oleh masyarakat Sunda secara sosial sejak lama sebelum Tarikh Masehi. Situs purbakala di Ciampea (Bogor), Klapa Dua Jakarta), dataran tinggi Bandung, dan Cangkuang (Garut) memberikan bukti dan informasi bahwa lokasi lokasi tersebut telah ditempati oleh kelompok masyarakat yang memiliki sistem kepercayaan, organisasi sosial, sistem mata pencarian, pola permukiman, dan sebagainya, sebagaimana layaknya kehidupan masyarakat manusia betapa pun sederhananya.

Namun, sebagai sebuah wilayah (kerajaan), nama Sunda baru muncul pada abad ke-7, ketika Tarusbawa, raja terakhir Tarumanagara, mengubah nama kerajaan itu menjadi Sunda, tahun 669 M. Tak lama setelah Tarusbawa mendirikan Kerajaan Sunda, maharaja Galuh, Wretikandayun, melepaskan diri dan membentuk sebuah negara yang berdaulat. Jadi, pada saat itu di belahan barat Pulau Jawa terdapat dua kerajaan yang (relatif) besar, yakni Galuh dan Sunda, yang dibatasi Sungai Citarum.

Sebagai sebuah wilayah kerajaan, Sunda mengalami pasang-surut. Pada awalnya, kerajaan Sunda hanya meliputi wilayah seluas kira-kira separuh Jawa Barat, yakni dari Ujung Kulon hingga Citarum. Ketika Sunda dan Galuh bersatu, wilayahnya pernah mencapai Banyumas dan Brebes. Kerajaan Sunda mengalami kemunduran setelah Sri Baduga meninggal. Para penggantinya (Surwisesa dan seterusnya) gagal mempertahankan kejayaan Sunda. Kerajaan ini pun makin lama makin surut, hingga berakhir pada masa Ragamulya Suryakancana tahun 1579 M. Titi mangsa inilah yang kita kenal sebagai saat runtagna Pajajaran.

Sebagai sebuah wilayah administratif, Jawa Barat merupakan provinsi yang pertama dibentuk di wilayah Indonesia (Staatblad Nomor: 378). Provinsi Jabar dibentuk berdasarkan UU Nomor 11 Tahun 1950 tentang Pembentukan Provinsi Jawa Barat. Toh, 50 tahun kemudian dengan lahirnya UU Nomor 23 Tahun 2000 tentang Provinsi Banten, wilayah administrasi pembantu gubernur wilayah I Banten resmi ditetapkan menjadi Provinsi Banten, yang meliputi Kabupaten Serang, Kabupaten Pandeglang, Kabupaten Lebak, Kabupaten/Kota Tangerang, dan Kota Cilegon.

Bisa disimpulkan, sekali lagi bahwa Sunda tidak sama dengan Jawa Barat dan Jawa Barat tidak sama dengan Sunda. Sebagai sebuah etnis, warga Sunda bisa berada di mana saja, di Jakarta, Jawa Tengah, Sumatera Utara, Papua, bahkan Eropa, Amerika Serikat, dan lain-lain. Warga Sunda adalah warga dunia. Sebagai sebuah wilayah, Tatar Sunda juga berbeda dengan Jawa Barat.
Untuk menentukannya pun lebih sulit lagi, dan rasanya tak relevan lagi menentukan wilayah yang disebut Tatar Sunda secara administratif. Siapa orang Sunda?

Jadi, siapa sebenarnya yang disebut orang Sunda? Pendapat HR Hidayat Suryalaga, inohong yang tak perlu diragukan lagi kesundaannya, menarik untuk dicermati, kemudian diresapi dan diimplementasikan. Menurut Hidayat, siapa pun Anda yang memenuhi salah satu saja dari empat kriteria berikut:

pertama, merasa diri menjadi orang Sunda;
kedua, orang lain menyebut Anda orang Sunda;
ketiga, ayah dan ibu Anda orang Sunda asli;
dan keempat, tingkah laku dan cara berpikir Anda sehari-hari persis orang Sunda meskipun orangtua Anda bukan Sunda, maka Anda adalah orang Sunda.


Bila kita memakai kriteria ini, jelaslah siapa yang disebut orang Sunda. Namun, kriteria ini pun menimbulkan pertanyaan. Misalnya, jika seseorang merasa diri orang Sunda, dan orang lain menyebut dirinya Sunda, serta orangtuanya Sunda asli, tetapi ternyata ia bertingkah laku yang tak sesuai dengan orang Sunda (misalnya, melakukan korupsi), pantaskah ia disebut orang Sunda?

Dalam kaitan ini, patut digarisbawahi orasi Jajang Cahyana, seorang yang diperkenalkan sebagai tukang becak, pada acara Gempungan Urang Sunda di Gasibu, dua pekan lalu.

"Naha enya urang Sunda nu ayeuna jareneng teh nyaah ka rayat leutik? Naha enya urang Sunda nu aya di dieu malire ka jalma leutik siga kuring? Buktina, kuring nu cicing di pasisian kungsi nandangan lapar dua poe euweuh nu malire. Kuring ngalaman dibuburak pira jadi tukang mulung".

"Saat pemilihan anggota dewan di Kabupaten Bandung, hampir semua tukang becak di daerah saya memilih seorang anggota dewan asal Sunda. Tapi sekarang, orang itu sama sekali tidak pernah lagi muncul, bahkan tidak pernah bersuara. Karena itu, orang Sunda jangan mau dibohongi lagi," katanya.


Jadi, yang penting sesungguhnya bukanlah atribut atau engakuan, melainkan sikap mental dan cara berpikir. Apakah sikap mental dan cara berpikir kita sudah mencerminkan sebagai orang Sunda? Hanya kita yang bisa menjawabnya.

HERMAWAN AKSAN
Penulis Cerpen, Novel, Esai

2006/09/26

Nu Dareuda di Korea

Mangle No. 2032, hal. 49-51, medal ping 8-14 September 2005
Kang Ya (yr32 di yahoo titik com)

Korejat hudang, teu terus nangtung ngan gek diuk na luhureun kasur, gasak-gisik, enya teu salah yeuh dedengean teh, sidik sora telepon disada, atawa palangsiang kuring ngimpi, enya kitu ngimpi? Jeletot nyiwit sorangan, karasa nyeri. Saha atuh nya nu nelepon wayah kiwari ieu teh? Ret kana jam nu naplok na tembok, kakara tabuh opat subuh. Hate mimiti cangcaya, moal enya Bapa mah, apanan samemeh unggah kana pangsarean teh tadi nelepon heula ka lembur. Cenah Bapa mah nuju kulem. Tapi boa-boa apanan hirup mah lain didodoho ku pati? Tisaprak Bapa teu damang wales, sanajan ayeuna geus angkeut-angkeut ka damang deui, anger bae hate mah cangcaya sok sieun boa-boa. Ngarah hate tenang mendingan di telepon bae kitu? Tapi apanan meureun kakara tabuh dua di lembur mah. Ah mendingan di telepon bae. Barang gagang telepon rek diangkat, ngan sirikna teu ngagurubug, telepon disada deui tarik pisan bubuhan wanci janari. Gap gagang telepon diangkat.

“Halo, halo, leres kitu ieu teh bumina Pa Yaru” ceuk sora semu ngageter.

“Eh…saha ieu? leres sim abdi nyalira”

“Aduh Bapa hapunten, hapunten pisan, abdi seja neda pitulung, punten Bapa, abdi teh Kinkin, panginten Bapa mah moal terang ka abdi” eces soranamah sanajan rada haroshos jeng kawas anu ngahodhod hatirisan. Teu rek katirisan kumaha apanan ayeuna keur usum tiis, sakeudeung deui oge salju bakal turun, minggu hareup siganamah. Saha jalmana nu rek lumantung subuh dina usum nu kacida tiisna.

“Dimana ayeuna Kinkin teh?”

“Di dieu Bapa di payuneun bumi Bapa”

“Euleuh ke sakeudeung…..”. Terus kuring cengkat jung nantung kapatengahan rek ngilikan monitor panto. Enya bae geuningan aya jalma keur ngahodhod kabulusan na hareupeun panto gerbang. Cet tombol panto dipencet, bray muka. Sup Kinkin asup ka pakarangan. Geuwat kuring muka panto imah.

“Yap asup Kin” cekeng teh.

Sanggeus asup gek Kinkin diuk na korsi sangeus ku kuring dititah. Mesin panghaneut dihurungkeun rada gede ngarah Kinkin teu katirisan teuing.

“Ngeser ka dieu diukna yeuh rada deukeut kana mesin panghaneut ngarah tereh sirna tirisna, bawa bae jeung korsina” ceuk kuring. Katempo Kinkin nurut kana omongan kuring. Sawatara waktu katempo gado Kinkin geus teu noroktok deui.

“Rek nginum naon Kin?”

“Teu langkung Bapa, kahoyong mah bandrek….”

“Eh naha da aya keneh, apanan liburan usum panas kamari Bapa ka Bandung, mawa bandrek instan 60 bungkus, enya maksud teh keur nyanghareupan usum salju” Kuring ninyuh dua gelas, sok sagelas dibikeun ka si Kinkin, teu kungsi dititah ngan regot bae diuyup saeutik-saeutik.

“Nuhun Bapa”

“Ke…naha ieu teh aya naon bet kieu? jeung naha nyaho timana imah Bapa? Kumaha deuih lalakonna pangna bisa nepi ka imah Bapa?”

“Numawi Bapa, dasar nasib abdi sisit kadal, eh…ari terang ka Bapa mah tangtos bae terang, apanan waktos Bapa masihan ceramah perbekalan di KBRI kanggo ka para TKI anu bade wangsul ka Indonesia panan abdi oge hadir, tah harita abdi terang ka Bapa malah kantos nyerat alamat bumi ieu sareng nomer teleponna, harita mah abdina nuju legal keneh Bapa”

“Har ari ayeuna?”

“Nyeta Bapa, abdi beunang kabibita ku babaturan, ngadon kabur ka pabrik sejen, teu kungsi bebeja kanu boga pabrik nu tiheula da tangtos moal diidinan, nya kabur, ari kabur tea paspor teu tiasa kacandak da pasporna dicekel kunu boga pabrik” omongna semu kaduhung.

“Cik kumaha ieu teh, kabur kumaha?”

“Muhun abdi diajak pindah ka pabrik boneka di Ansan ku si Sarja, da cenah gajihna dua tikeleun, muhun leres sabulan-dua bulanmah nu boga pabrik teh mayar bener, tapi bulan katilu abdi ngan dibayar 500.000 won, teu tiasa protes dapuguh teu nyekel paspor katambih-tambih deui kartu alien abdi parantos kadaluwarsa, parantos langkung sataun, teu tiasa memperpanjang da puguh teu nyekel paspor tea, muhun ayeuna abdi tos janten TKI ilegal, cenah mun abdi protes masalah gajih, abdi bakal dibejakeun ka kantor imigrasi, atuh abdi panginten dideportasi Bapa”

“Enya keun bae atuh dideportasi ge, alus bisa balik haratis”

“Ih…sanes kitu Bapa, panginten pami abdi wangsul ayeuna ka lembur rek timana abdi mayar hutang, apanan tiasa kadieu teh abdi ngical sawah dua kotak nu pun biang, mangkaning sawah bagikeuneun, muhun sawah warisankeuneun tea, jeung nambut artos ka bank desa, muhun artos timana kanggo pantaran abdi 45 juta, numawi abdi luas kabur ge hoyong kenging artos rada ageung supados hutang enggal kabayar. Pami ngandelkeun nu legalmah panginten hutangteh dietang nembe tiasa kabayar 18 bulaneun, tapi ari ku ilegalmah susuganan tiasa kirang ti sataun, da puguh saurna gajihna tiasa dua-tilu kali lipet, tapi bet kieu jadina geuningan Bapa nasib abdi teh”. Luk si Kikin tungkul, ramo-ramona mintel-mintel tungtung jaketna.

”Terus kumaha tah lalakonna pangna Kinkin nepi ka dieu, enya nepi ka imah Bapa ayeuna?”

”Numawi kieu Bapa, kinten-kinten tabuh opat sore kamari teh, cenah ribut aya razia pagawe ilegal. Sadaya padamel di pabrik teh aya 40 urang, 12 urang Korea, 8 ti Bangladesh, 4 ti Thailand, 6 ti Pakistan, sesana 10 urang ti Indonesia kaasup abdi jeung si Sarja. Ampir sadayana padamel asing nu damel dieta pabrik mah statusna tos ilegal” Kinkin eureun heula nyaritana terus ngaregot deui bandrekna.

”Waktos nguping aya razia padamel ilegal, abdi sabatur batur kacida panikna, kitu deui Sajangnim, Sajangnim teh sesebatan kanu boss atawa ka dunungan Bapa. Ku Sajangnim abdi sabatur-batur buru-buru dititah nyumput, sawareh diasupkeun ka gudang, sawareh deui disina lumpat nyumput di kebon di tukangeun pabrik, abdi kabagean nu kedah nyumput di kebon tukangeun pabrik”

”Lamun aya razia tah kumaha ketakna Sajangnim teh Kin?”

”Saurna sawatara waktos katukang mah, upami aya pulisi sareng patugas ti imigrasi Korea nu datang ka pabrik, gampil cenah pasihan bae amplop, pasti moal ngungsi ngagaladah mariksa hiji-hiji pagawe, tapi ayeunamah benten cenah, patugasna teu tiasa disogok, teu tiasa dibahanan duit. Malihmah saurna pami kapendak di hiji pabrik aya nu ilegal, Sajangnimna tiasa didenda dugi ka tiasa dijebloskeun ka panjara sagala” walon Kinkin.

Enya hade nya pulisi jeung patugas imigrasi di Korea mah, geus aya perbaikan geus aya reformasi, geus teu bisa disogok deui. Samemehna kuring ge kungsi ngadenge yen pulisi jeung patugas imigrasi Korea watekna ampir sarua jeung di urang, bisa disogok bisa dibibita ku duit, tapi ayeuna di Korea kabeh geus aya parobahan. Kumaha tah ari diurang? Sigana hese pisan rek rareureuh kana narima duit panyogok teh, teu rek reureuh kumaha da gajih nage teu nyukupan pangabutuh, hahargaan teu sabanding jeung panghasilan.

Mun dibandingkeun, gajih di Korea jeung di Indonesia, beu asa pamohalan bisa hirup ku gajihna Indonesia mah. Sok geura bandingkeun, tong waka ngabandingkeun sa-won sarua jeung 10 perak, ayeunamah urang bandingkeun bae antara pangala jeung balanja. Lamun urang gawe di Korea boga gajih sajuta won kacida nyukupanana pikeun sabulaneun teh, teu rek cukup kumaha da harga endog ngan 80 won sasiki, mun meulina loba bisa kaitung 50 won sasiki. Hayang ka sauna babari jeung murah, enya ngan 2500 won saseubeuhna, kitu deui harga yakult ngan ukur 50 won. Hayang ka KFC, murah kacida ngan 3000 won jeung inumannana bisa nambah saseubeuhna, ka bisokop ngan 6000 won mun peuting, mun beurangmah murah pisan ngan 4000 won, atuh angkutan umum boh beus boh kareta bawah tanah (subway) jauh deukeut ngan ukur 900 won. Jadi mun boga gajih sajuta teh bisa ngahenang-ngahening, gaya hirup modern kayaning ka sauna, ka bioskop, jeung ka KFC bisa kahontal.

Kumaha ari di urang, sanajan gajih urang sajuta perak, anger bae moal cukup, sabab harga endog wae geus 600 perak sasiki. Hayang ka sauna moal kaalaman da 80 rebu perak, lebar teuing ampir 10% tina gajih, kitu deui bioskop panan 15 rebu, atuh inuman kasehatan yakult panan 2500 perak, moal kainum kunu hirupna leutik mah. KFC, beu lebar teuing panan 25 rebu jeung kejona, jaba inuman koka-kola-na teu bisa ditambahan mun beak teh.

Jadi nu jadi masalahmah lain mahalna hahargaan atawa leutikna gajih, tapi sabandingna antara panghasilan jeung pangaluaran. Lamun hahargaan siga ayeuna, bakal karasa ngeunahna lamun panghasilannana 10 kali lipet, atawa sabalikna, lamun panghasilan siga ayeuna, nya hahargaan kudu turun 10 kali lipet leuwih murah.

Teuing, teuing dimana salahna, naon nu jadi lantarannana pangna antara panghasilan jeung pangaluaran di Indonesia anger teu kaharti ku akal, dimana salah na? nyao teuing dimana. Sakitu sarjana ekonomi ngaleuya, insinyur ngahuyud, doktorrandes nyayeud, tapi naha kaayaan ekonomi anger amburadul, cik saha nu salah? Sigana korupsi nu boga jejer ancurna perekonomian di Indonesia.

”Bapa teraskeun entong dongengna teh?” Kinkin nanya bari semu heran, sigana manehna heraneun ningali kuring nu kalahka ngahuleng mikiran perekonomian Indonesia.

”Ih tangtu bae teruskeun Kin, geus nepi kamana?”

”Saterasna kieu Bapa, kusabab pulisi jeung patugas imigrasi teu bisa disogok tea kuayeunamah, nya seueur Sajangnim anu ngabogaan pagawe ilegal sok nitah nyumput ka pagawe ilegal pami aya razia. Tadi tos dicarioskeun abdi nyumput di kebon tukangeun pabrik, abdi bangblas kukurubutan di kebon, antukna dugi ka rel kareta api, terus abdi mapah. Jog anjog ka statsiun Yesan, kusabab tos poek abdi ngemut kamana nya laku sabab can aya nu nelepon yen razia geus simpe. Akhirna abdi emut ka Bapa, kadieu di Seoul, abdi bade ngiring nyumput, kaleresan aya kareta anu ka Seoul-keun, nya biur abdi ka Seoul, dugi nya ka bumi Bapa wanci janari ayeuna, kitu manawi Bapa” ceuk Kinkin dareuda tur ngalimba.

Deudeuh teuing hate nyarita sorangan. Kakara kamari pisan ngadenge beja ti Pa Rizal urang PJTKI yen tanaga kerja asing di Korea kaasup TKI anu kaasup ilegal ditewakan, digerebeg ka pabrik jeung kapanganjrekkannana, diasup-asupkeun ka panjara, saterusna dideportasi dibalik-balikeun ka nagarana masing-masing. Saha atuh ieu teh nu kudu tanggung-jawab, naha parusahaan penyalur tanaga kerja atawa pamarentah?

Ceuk pamikirmah sigana pamarentah anu kudu tanggung jawab teh, bongan teu sanggup nyadiakeun lahan gawe, bongan teu sanggup ngawalatrakeun kahirupan.

”Kin, sajaba ti kasus samodel Kinkin, nu kumaha deui nu bisa ngajadikeun teu legal teh? ceuk kuring panasaran.

”Seueur Bapa, aya nu ilegal lantaran lebet ka Korea nganggo visa turis tapi saatosna aya di Korea maranehna nareangan damel da memang niatna ge didamel sanes jadi turis, jeung teu aruih deui ka lembur, tah nu kieumah samemeh taun 2004 mah seueur pisan, da panan haritamah tiasa lebet Korea tanpa visa kanggo kunjungan singkat sapertos turis” walon Kinkin daria. Kinkin eureun heula nyaritana diselang ku ngaregot bandrek.

”Aya oge nu ilegal kulantaran saatosna seep kontrak training maranehna aralimeun uih deui ka Indonesia, antukna maranehna kalabur ka pabrik sejen, kitu Bapa manawi ge” ceuk Kinkin.

Dua minggu kaliwat kuring ngadenge dongeng ti barudak TKI anu panggih di masdjid basa Jumaahan, yen cenah si Bandi nepikeun ka kapiuhan di kebon anggur. Harita bada Isa, si Bandi sabatur-batur keur rareureuh dipanganjrekannana, teu kanyahoan datangna patugas imigrasi ngagerebeg panganjrekan si Bandi, dua baturna beunang ku patugas, si bandi luncat kana jandela terus lumpat kabur nyumput di kebon anggur, tada teuing tirisna mangkaning ngahaeub kausum salju. Si Bandi nyumput di kebon anggur nepi ka subuh, katirisan nepi kakapiuhan, isuk-isuk kapanggih ku baturna, untung katulungan.

Kadenge keneh sora si Engkus urang Soreang basa panggih di KBRI minggu kamari. ”Abdimah Bapa teu wantun kana angkutan umum sapertos kareta api bawah tanah atawa beus pami ka KBRI teh, sok kana taksi wae sanaos awis oge, sieun abdimah Bapa, sieun katewak ku petugas imigrasi, ke pami katewak atuh abdi dibalikeun ka lembur. Di lembur tea abdi bade gawe naon? Macul? Teu aya paculeunana ge da sawahna geus beak dipake ngawangun pabrik, sedengkeun pabrikna teu narima abdi gawe”.

Teuing naon atuh disebutna, lingkaran setan kitu? Atawa naon? Pamarentah Korea hayang meresihan nagarana tina para buruh ilegal, tapi lamun para buruh ilegal ditewakan dibalikeun ka nagarana masing-masing bakal loba industri menengah kecil nu bakal bangkrut, sabab kaleungitan pagawe.
Geuningan basa dua taun katukang aya pemulangan para buruh ilegal, panan nu baroga pabrik teh demonstrasi ka pamarentah Korea sabab euweuh jalma anu gawe. Pabrik menengah kecil tea panan leuwih hade narima tanaga buruh ilegal batan kunu legal mah, sabab lamun nu legalmah loba pisan anu kudu diurus, kudu mayar pajeg, asuransi kasehatan, jeung sajabana. Antukna aya pangampunan, pagawe ilegal bisa terus di Korea asal kudu terdaftar. Ayeuna geus der deui tanaga ilegal ditewakan dibalik-balikeun, naon kawijaksanaan pamarentah Korea ayeuna, kuring teu pati apal, ngan cenah aya paraturan anyar pikeun narik pagawe asing di Korea.

”Kin tunduh?” cekeng teh, katingali si Kinkin merelek bae heuay.

”Nu mawi Bapa abdi teh cape pisan”

”Jung atuh geura reureuh tuh dikamar itu” si Kinkin ngagoloyoh ka kamar teu kungsi lila kadenge kerekna mani nyegrek.
***

”Kin naon atuh nu ku Bapa bisa dibantu? Ayeuna Bapa rek indit ka kantor”

”Manawi diidinan abdi made ngiring reureuh heula didieu di bumi Bapa, bade ngemut, naha bade ka KBRI nyuhunkeun serat uih ka Indonesia, atawa nekad neruskeun lalakon di Korea, atawa kumaha, abdi bade ngemut heula” walonna.

”Enya pek bae atuh nya”

Meunang tilu peuting Kinkin ngendong diimah kuring, budakna bageur bisa nitipkeun maneh, atuh salila aya Kinkin kuring teu kungsi beberesih imah da sanajan teu dititah oge, Kinkin hideng sorangan beberesih. Poe kaopat Kinkin di imah kuring, wanci sareupna kuring balik ka imah, imah suwung sepi cara sasari samemeh aya Kinkin, unggal rohangan ditempoan bari ngagentraan Kinkin, anger suwung. Saklar listrik da tembok dipencet, bray caang, wanci harieum beungeut puguh ge, jadi teu pati awas. Ret kana luhureun meja di patengahan aya keretas salambar, baruk geuningan surat ti Kinkin, surat diilo, unina kieu:

Kahatur Bapa Yaru anu ku abdi dipihormat,
Hatur nuhun kana kasaeannana pamugi ngajantenkeun jalan ka syurga kanggo Bapa, Amin.

Tadi abdi ditelepon ku si Sarja yen razia pagawe ilegal ayeuna rada simpe, kaleresan aya padamelan di pabrik paralon di Pohang, abdi bade lahaola, lah-lahan mios ka Pohang rerencepan, bade neraskeun lalakon di Korea, bade dilakonan dugi kamana wae. Pami cenah eta abdi keuna ku sial katangkep ku pagawe imigrasi, abdi geus ridho wios dideportasi ge. Pamugi-mugi mah ulah waka katewak samemeh lunas hutang jeung boga bekel wangsul ka lembur mah.

Sakali deui Bapa hapunten sareng hatur nuhun. Teu hilap abdi neda pidu’ana ti Bapa.

Baktos abdi,
Kinkin Mirajul Mutaqien


Kuring ngajanteng bari nyekelan salambar surat hareupeun meja nu nyanghareupan jandela. Deudeuh teuing Kinkin, deudeuh teuing urang Indonesia nu dareuda di Korea, bae ku Bapa dido’akeun sangkan hasil nudi maksud. Beungeut-beungeut dareuda TKI di Korea ngelembeng, kagambar, kaimpleng, saurang-saurang nerembongan siga film, cumalimba, sanajan boga harepan, sawareh siga nu nekad, top pati, top panjara, asal hirup boga pangala, sabab di lembur ngadon ngalanggur. Sup keretas ku kuring disisipkeun na buku harian. Samemeh gordeng jandela ditutup, kuring nyawang heula kaluar, ka luhureun suhunan imah tatangga, geleber aya sapasang manuk kachi silih udag, silih pacok siga nu keur macangkrama. Simpe. (Tungtung Seoul, 26 Juli 2005).

2006/09/24

Blog Abah Joe

Beu, nyaan si abah teu eleh geleng, enya ge tos sepuh, geningan tiasa nge blog, reueus lah bah.

Kutipan tina email na si abah:

On 9/23/06, mangsinggih (mangsinggih di yahoo titik com) nyerat:
Ncep Deni di Dumai,

Nuhun eta kamonesan si Abah dijadikeun "link" ..."ngacapruk".
Eta teh kamonesan anyar, kakara meh 4 taun. Nya boa "bakat terpendam".
Eta aya ku jero pisan kakara umur 63 kaluarna teh.
Engke si Abah ngadongeng ku naon eta "bakat terpendam" teh kaluar.

Salam
Abah Joe


Di antos pisan dongeng-dongeng na.

Blog Abah Joe:

http://mangsimemotret.blogspot.com/
http://mangsimelukis.blogspot.com/
http://mangsibercerita.blogspot.com/
http://mangsibersajak.blogspot.com/
http://desanarawita.blogspot.com/

2006/09/22

Ramadhan telah tiba, Maaf Lahir Bathin

Semoga Ramadhan tahun ini:
menjadi penuh BBM (Bulan Barokah dan Maghfiroh)
meningkatkan PREMIUM (PREi Makan dan mInUM)
menjadikan SOLAR (SOlat Lebih Rajin)
dan MINYAK TANAH (Meningkatkan Iman, baNYAK TAhaN AmarAH)
serta PERTAMAX (PERangi TAbiat MAXiat)

(diambil dari email nya Pa Ali Mundakir amundakir at pertamina titik com)

Mohon maaf lahir dan bathin.
D_Wahyu Sekeluarga