2005/07/29

Jaman Edan

Tina lagu kang Darso deui

Siga kieu kitu nagara urang ayeuna teh ?

Jaman Edan
(ku Darso)

cenah dina jaman edan
mun urang teu milu edan
tangtu moal kabagean

tapi lamun milu edan
tangtu kaleungitan iman
eee so lali lali

tangtu kaleungitan iman
eee so lali lali

lantaran ari nu edan
boro-boro eling kapangeran
boro-boro eling kana aturan

nu puguhmah mawa karep sorangan
kalakuan sakarep isun
eee so lali lali

kalakuan sakarep isun
eee so lali lali

cenah dina jaman edan
loba anu kokomoan
loba anu popohoan

ngudag-ngudag kasenangan
kalakuan siga setan
eee so lali lali

kalakuan siga setan
eee so lali lali

pabaliut silih ketut
silih dudut silih catut
nu penting sungut samutut

nu penting beuteung budayut
awak segut gede hitut
eee so lali lali

awak segut gede hitut
eee so lali lali

kong kalikong gede bohong
paheuras-heuras genggerong
pasea patorong-torong

itu negong ieu negong
kalakuan kawas bagong
eee so lali lali

kalakuan kawas bagong
eee so lali lali

benteng akhlak di darupak
pager iman paburantak
setan surak ting cakakak

setan hibut silih sepak
nu balageur di talipak
eee so lali lali

nu balageur di talipak
eee so lali lali

cenah dina jaman edan
ka untung untung nu edan
untung keneh nu ariman

muntang eling ka pangeran
sieun kabawakeun edan
eee so lali lali

sieun kabawakeun edan
eee so lali lali

ya alloh robbi pangeran
panto eling pang mukakeun
panto edan pang nutupkeun

di tutup ku kasobaran
di konci ku kaimanan

di tutup ku kasobaran
di konci ku kaimanan

*geus ah, nyaan moal, moal pipilueun edan*

Dina Amparan Sajadah

Punten ka kang Darso, lagu na ku abdi di cutat

Dina Amparan Sajadah
(ku Darso)

Dina ... amparan sajadah
Abdi ... sujud pasrah

Diri nu lamokot ku dosa
Nyanggakeun sa daya-daya

Dina ... amparan sajadah
Abdi ... sujud pasrah

Mundut pangampura Gusti
Ya Alloh Robbul Ijati

Taya deui palumpatan
Taya deui pamuntangan
Mung Alloh Pangeran abdi
Pangeran anu sajati

2005/07/21

Nulis ... ? ternyata sulit ..

Niat nya sih mau rutin ngisi blog, tapi .... ternyata sulit yah .., meni heseee ... pisan, ceuk sunda na mah. Salut deh bagi yang rajin ngisi blog.

Kalau boleh beralasan, sebagai berikut :
  • Sibuk. Kerjaan memang banyak, mana anggota tidak di tempat secara "teratur", yang satu dinas keluar kota, yang dinas datang, yang satu cuti, ngurus anaknya mau sekolah, yang cuti masuk, yang satu lagi kursus .... refot euy .... mana kerjaan semuanya urgent ... wah memangnya saya Superman ... !
  • Bingung. Saya seringkali kebingungan cari topik yang akan di tulis, kalau lihat blog orang lain, kayaknya mereka gampang sekali nyari topik, pada aktual lagi ... Salut.
  • Nyaris gak ada waktu. Semula sih berjanji pada diri sendiri, kalau gak bisa dikantor, ya dirumah nge blog nya, eh ternyata kalau sudah sampai rumah, seringkali terlupa, apalagi kalau sudah main dengan jagoan-jagoan saya.
  • Malas. Nah ini dia penyakit menahun ku. Gak perlu cerita deh kalau yang ini.
Itu dia kenapa blog ini telaaaat ... banget di isi. Ada yang mau komen .... ? Silahkan.

Wassalaamu'alaikum wr. wb